Minggu, 25 Januari 2009

Imah Sunda


Imah Sunda Sabtu, 19 April 08 - Asep Ruhimat
NU kumaha ari model imah Sunda buhun? Kiwari geus rada hese manggihanana, angot di kota. Ketang di pilemburan ge geus kawilang langka, kajaba mun deuk liar ka kampung adat. Di Kabupaten Tasikmalaya aya Kampung Naga, di Bandung aya Kampung Mahmud, atuh rada jauhna di pasisisan Banten wae. 
Ari imah kuring baheula keur budak, imah panggung. Panto jeung jandelana jarangkung. Unggal jandela make jalosi minangka keur kaamananana. Mun ayeuna mah geus langka manggihan jalosi, kajaba tralis tina beusi. Ari jalosi mah dijieunna tina kai beunang nyugu dialus-alus. Ari babagian nu aya dina imah, ngawengku babancik, tepas, patengahan, pangkeng, leuit, jeung pawon. Perkara model imah Sunda jeung wincikan babagianana urang pedar dina bagian husus bae.
Kasebutna imah panggung tangtu aya kolongan, ari nangtungna tihang nyindekel kana tatapakan. Tatapan imah kuring harita tina batu, wangunna model jubleg, kadieunakeun mah umumna tatapakan teh tina aduk nu dipasangan bata atawa batu, bentukna mah angger jiga jubleg. Najan keur usum ngijih, taneuh di kolong imah angger garing, malah ngeprul jiga keusik lempung. Atuh loba sato laleutik nu baretaheun, kayaning undur-undur, cucunguk taneuh nu sok dipake eupan nguseup, cocopet, jeung tongo. Ngan pedah ari tongo mah tara katenjo, apal-apal geus ngagonyok wae dina taeun.
Harita jeung babaturan mindeng lilipekan di kolong, pangpangna mah resep nguseup undur-undur. Bubuhan kolong imah taneuh mah garing jeung ngeprul, atuh baretaheun undur-undur ge. Ari eupanna mah ku undur-undur deui, ditalian huluna ku bola atawa ramat, resep ngagulawingna. Hanjakal kiwari mah geus langka imah panggung teh, jadi moal kaalaman ku barudak ayeuna ulin lilipekan di kolong imah ge.
Nu matak moal poho, saban tas ulin di kolong, lebah taeun teu weleh digonyok tongo. Tapi da tara kapok, bubuhan resep, isukna lilipekan deui wae.*

2 komentar:

  1. Duh sae kang postingan teh, asa waraas waktos jaman kapungkur. Salam wanoh Kang..

    BalasHapus
  2. Tapi kan imah Sunda teh seueur macemna?...
    Sapertos Di garut mah benten deui kan nya?

    BalasHapus